Minggu, 26 September 2010

ANAK (BUDAK)

Anak atanapi putra adalah amanat Allah. Upami jalmi sukses ngadidik anak berarti dirina sukses ngalaksanakeun amanah Allah. Tingkah laku sareng perilaku anak keur nu jadi sepuhna eta kabagi 3 golongan:


1. Zinatu Al hayati Ad-dunya

Anak janten papaes kahirupan dunia. Ngan can tangtu jadi matak nyenangkeun kanu jadi kolot.

fitnatul hayat, anak jadi fitnah dina kahirupan. Bbbahkan terkadang jadi musuh keur nu jadi kolotna. Sakumaha pidawuha Allah : walamu annamaa amalukum wa auladukum fitnakum wa annaaalaha indahu ajrun adzim. Mmmanyahokeun ku aranjeun saenyana harta-harta jeung anak-anak aranjeun adalah fitnah jeung saenyana di sandingen allah aya ganjaran anu agung.
  1. qurrota’ a’yun, anak nu pikaresepeun nu ningali jadi penyejuk hate kolot ketika di dunya bahkan bias jadi syafa’at keur sepuhna ketika di akhirat.

Tipe anak nu ka-3 dalah dambaan setiap jalmi, dugika ka ungkap dina do’a: robana hablana min ajwajina………

Salah sawios upaya keur ngahontalna rosul nugaskeun ;”Didik anak ku 3 perkara:

  1. bihubbi nabiyikum, sina resep jeung cinta ka nabi aranjeun.
  2. bi hubby ahli baitihi, sina resep ka ahli beitna kanjeung nabi
  3. bbbi hubby qiro’atil qur’an, sina resepeun kana maca qur’an

Minggu, 01 Agustus 2010

Waktuna nu berprestasi

Jalmi mu’min bakal ngagaduhan prestasi anu sae dipayunen Allah maupun di payunen manusa ketika mampu ngagunakeun sarana sareng fasilitas anu di paparinkeun ku Allah, fasilitasna aya 2 rupi:

  1. Fasilitas tempat, nyaeta bumi.

Sakumaha pidawuh Allah: surat Annaba ayat 6

Naha henteu ngajadikeun kami kana bumi sebagai amparan”.

  1. Fasilitas waktu (24 jam)

Sakumaha pidawuh Allah: surat Annaba ayat 10

“Sareng Kami geus ngajadikeun peuting sebagai pakean keur istirahat jeng ngajadikeun beurang pikeun arusaha”.

Aya opat hal tatacara ngagunakeun waktu, supados janten jalmi anu berprestasi (prestatif):

1. Gunakeun sapalih waktos kangge munajat ka Allah, pang sae-saena munajat nyaeta sholat,

2. Gunakeun sapalih waktos kangge' muhasabah diri,

3. Gunakeun sapalih waktos kangge' bergaul sareng manusa, nu eta pergaulan bias ngabejakeun ka cacadan urang sareng ngalereskeun padamelan urang anu kaluar tina aturan,

4. Gunakeun sapalih waktos dianggo menikmati kelezatan hidup ti Allah sareng tafakur kana dadamelan Allah.

(KH Nonop Hanafi) download

rekaman mp3